Sony Xperia Z - Ménu layar utama Albeum

background image

Ménu layar utama Albeum

Tina ménu layar utama Albeum anjeun bisa ngotéktak kabéh albeum poto anjeun, ka

asup poto jeung vidéo nu dicokot ku kaméra alat anjeun maké épék husus, jeung eusi nu

ku anjeun bagikeun sacara online ngaliwatan ladénan sapertos PlayMemories Online,

Picasa™, jeung Facebook. Lamun anjeun tos asup ka ladénan nu kitu, anjeun bisa

ngatur eusi jeung nempo gambar online. Tina aplikasi Albeum, anjeun bisa ogé

nambahkeun géotag kana poto, migawé tugas ngédit dasar kana poto, jeung

ngagunakan cara saperti téknologi nirkabel Bluetooth® tur surélék jang ngabagikeun

eusi.

103

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

1

Tempo poto sareng vidéo ngagunakeun ladénan PlayMemories Online

2

Balik deui ka layar utama aplikasi Albeum jang nempo kabéh eusi

3

Tempo poto sareng vidéo paporit anjeun

4

Tempo kabéh vidéo nu disimpen na alat anjeun

5

Tempo poto anjeun dina peta atawa dina tempoan Globe

6

Tempo poto jeung vidéo nu geus disumputkeun ku anjeun tina tempoan

7

Tempo kabéh poto jeung vidéo nu dicokot ku kaméra alat anjeun maké épék husus

8

Tempo sadaya poto sareng vidéo nu disimpen ka alat anjeun dina polder nu béda.

9

Tempo kabéh poto nu aya gambar beungeut

10 Nempo poto sareng vidéo dina alat di jaringan nu sami

11 Tempo sadaya poto sareng vidéo nu disimpen ka panyimpenan USB anjeun

12 Buka ménu setélan jang aplikasi Albeum

13 Gulung ka luhur atawa ka handap pikeun nempo eusi

Ladénan PlayMemories Online teu sadia di kabéh nagara atawa wilayah.

Pikeun nempo poto ti ladenan online di Albeum

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan terus ketok

Albeum, terus Sered tungtung kenca layar utama Albeum

ka katuhu.

3

Ketok ladenan online nu dipikahayang, terus turutan pituduh na layar jang

ngamimitianna. Sadaya albeum online nu sadia nu ku Anjeun geus diunduer

dipintokeun.

4

Ketok albeum nu mana wae pikeun nempo eusina, teras ketok hiji poto dina

Albeum eta.

5

Sintreuk kenca pikeun nempo poto atawa video salajengna. Sintreuk ka katuhu

pikeun nempo video atawa poto nu samemehna.