Sony Xperia Z - Nampa telepon

background image

Nampa telepon

Lamun Anjeun narima telepon asup pas alat dina modeu sare atawa layar dikonci,

aplikasi telepon bakal muka dina pormat salayar. Lamun Anjeun narima telepon asup pas

layar aktip, telepon asup bakal dipintonkeun jadi bewara ngapung, nyaeta, jandela leutik

nu ngapung diluhureun layar naon wae nu keur muka. Lamun bewara kawas kitu datang,

Anjeun bisa milih jang ngajawab telepon jeung muka layar aplikasi telepon, atawa Anjeun

bisa nampik telepon eta jeung cicing dina layar eta.

Jang ngangkat telepon asup lamun layar teu aktip

Sered ka katuhu.

Cara ngangkat telepon asup lamun layar aktip

Dina béwara ngapung nu némbongan na layar, ketok

JAWAB.

Salain ti ngajawab telepon, anjeun tiasa muka layar aplikasi telepon utama ku cara ngetok

widang luhur dina jandéla béwara ngapung. Maké metodeu ieu, anjeun boga pilihan leuwih

loba jang ngatur telepon éta. Contona, anjeun bisa milih jang nampik telepon maké talatah .

Jang nampik telepon asup lamun layar teu aktip

Sered ka kenca.

Cara nampik telepon asup lamun layar aktip

Dina béwara ngapung nu némbongan na layar, ketok

TAMPIK.

Salain ti nampik telepon, anjeun tiasa muka layar aplikasi telepon utama ku cara ngetok

widang luhur dina jandéla béwara ngapung. Maké metodeu ieu, anjeun boga pilihan leuwih

loba jang ngatur telepon éta. Contona, anjeun bisa milih jang nampik telepon maké talatah .

Sahiji sauran anu asup

Sawaktos anjeun nampa telepon, pencet kenop polumeu.

Nampik telepon ku talatah teks

Anjeun bisa nampik telepon ku talatah teks. Sawaktos Anjeun nampik telepon ku talatah

sapertos ieu, talatah eta sacara otomatis dikirim ka panelepon tur disimpen dina

Paguneman talatah jeung kontak eta.

60

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Anjeun bisa milih tina sababaraha hiji talatah nu geus jadi dina alat Anjeun, atawa Anjeun

bisa nyieun talatah anyar. Anjeun oge bisa nyieun talatah nu luyu jeung kahayang Anjeun

ku cara ngedit talatah nu geus jadi.

Nampik telepon ku talatah teks

1

Lamun aya telepon asup, sered

Tampik maké talatah ka luhur.

2

Pilih talatah nu siap pake atawa ketok terus tulis talatah anyar.

Pikeun nampik telepon kadua ku talatah teks

1

Lamun Anjeun ngadangu sora bip terus-terusan pas nelepon, sered

Tampik maké

talatah ka luhur.

2

Pilih talatah nu siap pake atawa ketok terus tulis talatah anyar.

Pikeun ngedit talatah teks nu dipake pikeun nampik telepon

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Telepon > Tampik telepon maké talatah.

3

Ketok talatah nu Anjeun hoyong edit, teras jieun perobahan nu diperlukeun.

4

Ketok

OKE.